Postingan

Menampilkan postingan dengan label SAPATU POLET BIRU

SAPATU POLET BIRU (Carpondak)

Gambar
                Wanci ngagayuh ka subuh. Sora nu adan ti masjid gigireun imah  Dédén mani halimpu,ngagero nu keur tibra sare sangkan buru-buru hudang pikeun ngalaksanakeun solat subuh. Dén, anaking..., gugah tah tos adan!” ceuk emana Dédén ngahudangkeun budakna nu masih ngageubra sare. Dédén ngulisik bari ngucek-ngucek panonna.  Alhamdulillah...pokna bari tuluy muru ka cai rék ngadon wudu. Biasa Dédén mah wanci subuh téh sok milu ka bapana solat berjamaah di masjid. Deden maké sarung tegep pisan leumpang nuturkeun bapana dibarung hawa subuh  nu  seger karasana. Di masjid kasampak jama'ah geus ngajajar beres pisan. Sanajan keur aya sasalad covid, masjid di lembur Dédén mah teu diwatesan jiga di kota. Nu ngama'murkeun masjid teu salempang sabab kaayaan aman tur euweuh nu gering parna alatan covid. Beuki isuk,meletekna panon poe ti beulah wetan mimiti nyingraykeun lalangse peuting. Manuk piit nu récét dina tangkal nangka gigireun imah Deden mungguh matak dédéngéeun kom