Postingan

Menampilkan postingan dengan label Cerita Pendek untuk anak-anak ( Carpondak ) KATUMBIRI

KATUMBIRI

Gambar
                                                                                                       Guru sakola agama teh jenenganana Pa Yusuf. Tos biasa nyarebat teh Pa Ustad. Anjeuna sering ngawurukan sangkan murangkalih getol nyiar elmu. Sering  oge nyarioskeun sajarah para Nabi sareng Rosul anu sumanget milari elmu.Saterasna umajak kana kasaéan.Ah, pokona mah upami Pa Ustad  nuju ngawulang, waktos téh asa sakedap pisan. Jiga harita, kelas meni jempling. Sadayana ngupingkeun Pa Ustad nuju nyarioskeun riwayat Nabi Idris. Saur Pa Ustad, Nabi Idris teh ti aalit rajin nyiar elmu. Nu ahirna Allah Subhanahu wata’ala masihan élmu pangaweruh anu linuhung  dugi ka dileler janten Rosul nu kapercanten ku umatna. Keur anteng nulis,ras ...inget, pan poe ieu teh geus jangjian  jeung babaturan balik sakola agama rék ulin sasapédahan. ”Dean,atos nyerat PR-na?” Pa Ustad nanya ka kuring. “Emmh...a...atos pa!,”jawab kuring rada ngarenjag. Katingali Pa Yusuf gumujeng nempo kuring nu semu reuwas. “Dé