SAPATU POLET BIRU (Carpondak)

 

            Wanci ngagayuh ka subuh. Sora nu adan ti masjid gigireun imah Dédén mani halimpu,ngagero nu keur tibra sare sangkan buru-buru hudang pikeun ngalaksanakeun solat subuh. Dén, anaking..., gugah tah tos adan!” ceuk emana Dédén ngahudangkeun budakna nu masih ngageubra sare. Dédén ngulisik bari ngucek-ngucek panonna.  Alhamdulillah...pokna bari tuluy muru ka cai rék ngadon wudu. Biasa Dédén mah wanci subuh téh sok milu ka bapana solat berjamaah di masjid. Deden maké sarung tegep pisan leumpang nuturkeun bapana dibarung hawa subuh  nu  seger karasana. Di masjid kasampak jama'ah geus ngajajar beres pisan. Sanajan keur aya sasalad covid, masjid di lembur Dédén mah teu diwatesan jiga di kota. Nu ngama'murkeun masjid teu salempang sabab kaayaan aman tur euweuh nu gering parna alatan covid. Beuki isuk,meletekna panon poe ti beulah wetan mimiti nyingraykeun lalangse peuting. Manuk piit nu récét dina tangkal nangka gigireun imah Deden mungguh matak dédéngéeun komo keur nu kakara cicing di lembur. Keur Dédén mah ngadéngé sora manuk récét disarada téh geus biasa.Bareng jeung sumiratna panon poe, éta manuk  piit nu sakitu lobana téh haliber néangan kahakanan. Baralik deui kana sayangna mangsa panonpoe rek lingsir ngulon. 

            Dédén teh umurna 11 taun. Sakolana di SD Cimerak kelas 5. Bapana sawaktu-waktu sok iang barang ka dununganana di kota. Sabulan sakali mawa duit nu mucekil. Dédén sok dibéré duit rada onjoy. Jiga poe harita, sanggeus mumuluk, Dédén indit ka sakola bari haté guligah sabab nu diajam hayang meuli lauk koi ti sabulan ka tukang téh jigana bisa tinekanan. Nuhun Apa!” ceuk Dédén basa nampa duit ti bapana. Tuluy éta duit teh diteundeun kana kantongna. Dédén indit ka sakola,teu poho amitan ka indung bapana. Sajajalan manehna sempal guyon jeung babaturanana.

Nepi  ka sakola, barudak masih coréngcang. Dédén asup ka kelas nendeun kantongna. Tuluy  muru ka palataran sakola.Hatena guligah hayang geura meuli lauk koi. Tapi Mang Sarif nu sok biasa dagang di sakola can katémbong. Ris, Mang Sarif dagang moal nya, geuning teu aya?” ceuk Dédén nanya ka Haris nu keur ulin setik és di téras sakola. Ke siang sugan Dén, pan sok rada siang!” tembal  Haris. Teu lila bél disada. Barudak ngabaris hareupeun kelasna séwang -séwangan. Siaaap...grak!” kadéngé sora Dédén mingpin barisan. Ibu Guru tos ngadeg di lawang panto kelas 5. Dian, kamana maskerna?” Ibu Guru naros ka Dian nu teu make masker. Hilap, Bu...!” ceuk Dian bari rada ngaheruk kusabab rumasa salah. Padahal Ibu Guru saban dinten sok ngawurukan kedah ngangge masker ka sakola sangkan nyegah kekebul asup kana paru-paru, oge bisa nyegah asupna virus atawa kuman. Teu lami, Ibu Guru nyandak masker enggal, teras dipasihkeun ka Dian.Anggo maskerna nya!” saur Ibu Guru ka Dian. Nuhun, Bu...! ceuk Dian bari rap éta masker  teh dipake.

           Barudak kelas 5 geus hempak di kelas siap narima pangajaran poe harita. Dibéré pangajaran matematika mah barudak teh mani ngarusey. Waktu beuki nyerelek. Barudak beuki husu ngerjakeun soal. "Saha nu ngerjakeun soal bari leres pangpayunna, ku Ibu dipasihan bonus!” saur Ibu Guru. "Asiiik... bonus istirahat, Bu...!” Deden emprak tandaning ngarasa bungah. Dina hatena geus teu sabar hayang geura meuli lauk koi. Kacipta éta lauk koi nu alus rupana téh diingu dina aquarium. Pan ceuk Emana ogé, heug waé ngingu lauk hias tapi kudu rajin maraban, ulah dolim ka sato matak jadi dosa. Sabalikna mun tulatén miara sato, bakal jadi kahadéan.

Atos, Bu!” ceuk Dédén bari ngasongkeun jawaban matématika ka guruna. Betul,bonus istirahat!” saur Ibu Guru sanggeus mariksa jawaban Dédén. Yés!” ceuk Dédén bari ngeupeulkeun leungeunna tuluy muru kantong sakolana rék mawa duit ti bapana téa.  Leungeunna capa cipi sababaraha kali kana jero kantong  tapi duit teh weleh teu kapanggih. Haté Dédén tagiwur, kamana duit...?" Rarasaan mah dina kantong pan ti isuk ogé, gerentes haténa. Mendakan artos teu, Ka?” Deden nanya ka Azka babaturan sabangkuna. Azka nu keur uleng ngerjakeun soal, ukur godeg teu pati malire pananya Deden. Den, naha teu acan istirahat?” Ibu Guru nyampeurkeun Dédén nu katempona keur bingung. Ical artos Bu!” tembal Deden bari beungeutna semu hanjelu. Di mana tadi nyimpenna?” Ibu Guru naros deui. Dina lebet kantong, Bu!” walon Dédén sorana semu ngalengis. Ragamang Ibu Guru nyandak kantong nu Dédén, ngiring mariksa eusina tapi lebeng duit téh teu kapanggih. Ibu Guru teu seueur saur, teras anjeuna muru kana panto, cetrék dikonci ti lebet. Barudak, tos simpen heula nyeratna!” saur Ibu Guru bari socana ningali ka sadayana nu aya di kelas. Simpen kantong sadayana di luhur méja!” saurna nyusul tepus. Duh, aya bahan moal istirahat yeuh!”ceuk Haris nu diuk di tukangeun Dédén. Har, pan Dédén ical artos!” Sari ngagebés Haris nu keukeuh hayang istirahat. Barudak tingkecewis. Ibu guru marios tas hiji- hiji imeut teu aya nu kalangkung tapi duit Deden teuing kamana, lebeng teu kapanggih. Ibu Guru katawis  ngemut. Ayeuna sadayana tingali kolong meja masing masing!” saur Ibu Guru miwarang deui. Seueur runtah Bu dina kolong bangkuna oge!” ceuk Sari bari tuluy miceun runtah tina kolong bangku kana wadah runtah. Hayoh, saha barina ge nu miceun runtah dimana wae nya, pasti nu calik di dinya atuh!” Ceuk Haris. Ih, duka pan bangkuna ge giliran!” Ceuk Sari embung eléh.

 Ieu sapatu saha...?!” Santi babaturan Dédén nu diuk di juru ngagorowok bari ngacungkeun sapatu sabeulah. Ibu guru nyampeurkeun Santi teras éta sapatu ditingalian. Éta mah sanés sapatu kelas lima Bu!” tuh da katingal polétna biru,kelas 5 mah teu gaduheun sapatu polet biru!” ceuk Dédén. Barudak geus pada apal kana sapatu babaturan sakelasna, sabab saban poé sapatuna sok dibaruka tuluy diberéskeun di luar kelas. Nu saha nya?” barudak kerung. 

Waktu istirahat geus ampir lekasan. Ibu Guru nitah barudak istirahat sakeudeung. Dédén kacida hanjeluna kusabab duitna can kapanggih kénéh waé. Manéhna ngaheruk di kelas dibaturan ku Haris. Teu lila jol Azka tuluy nyokot sapatu Polet biru téa. Urang maen bal welah Den!” ceuk azka bari najong éta sapatu sabeulah ka hareupeun Dédén satarikna. Héy, naon itu?” ceuk Deden jeung Azka meh bareng .Gulungan kertas leutik ngacleng tina jero sapatu. Azka tuluy nyokot eta kertas nu jiga kurut ngarameus, diilikan taliti pisan. Dén,ieu artos Dédén sanes?” ceuk Azka bari ngabar -ngabar duit dua puluh rébu. Ih ,enya geuning jiga duit sayah!” tembal Dédén bari tuluy nyampeurkeun ka Azka. Deden sarua ngilikan eta duit taliti pisan.Teu salah geuning duit teh nu manehna, duit dua puluh rebu citakan anyar paméré ti bapana tea. Alhamdulillah..., jadi meuli lauk koi teh, gerentes hate Déden  bari gura giru muru lapak Mang Sarif  dituturkeun ku Azka.

Pabeubeurang, katingali Ibu Guru ngiringkeun salah saurang murid kelas 4 ka rohangan guru. Sihoreng nu boga sapatu Polet biru tea. Eta budak menta dihampura ka Deden sareng ka Ibu Guru sarta jangji moal sakali-kali deui ceceremed. Cag!

                                                                                                                                              

                                                             Rajapolah, 10 Nopember 2021

Komentar

POSTINGAN POPULER

OLEH-OLEH DARI NEGERI PANDA

MENGABADIKAN YANG FANA

SELAMAT PAGI ISTANBUL

HARI BUKU NASIONAL

JEJAK HISTORIS PANJALU

HABIS GELAP TERBITLAH TERANG

PESAN DINI HARI

PANDEMI COVID-19

SERENTAK BERGERAK,WUJUDKAN MERDEKA BELAJAR

NEGERI HARAPAN ITU INDONESIAKU