Sasalad di Pasantren
Pakanci salila dua minggu di lembur teh, keur kuring mah asa sakeudeung pisan.Tilu poé deui kudu indit ka pasantren. Malah ti poé kamari kénéh kuring geus tatahar nyiapkeun bawaeun.Enya, saha nu teu betah atuh cicing di lembur ngariung jeung indung bapa katut nu jadi adi. Komo boga adi téh ngan hiji hijina. Nya keur waktu pakanci pisan, bungah bisa kumpul jeung kulawarga. Geus biasa keur santri mah mun rék ka pasantren teh sagala disiapkeun. Ti mimiti baju, kadaharan jeung nu séjénna.Pokona mah kumplit euweuh nu kaliwat.Baju jeung nu séjénna nu geus dientepkeun téh tuluy diasupkeun kana kantong gedé. Ngahaja sangkan teu kerentil loba bawaeun. Katempo ringkes bawaeun téh. Haté reugreug. Ema ngiring ngabantosan ngentepkeun babawaan dina kantong gedé bari dipariksa bisi aya nu tinggaleun. Pisapoeeun deui ka rek indit karasa aya wegah,tapi saur Ema sareng Bapa ari milari élmu teh jalan ka sawarga. Ngagedur deui sumanget téh. Komo basa nampa telepon ti Hani babaturan kuring, cenah rék ind