KATUMBIRI


                                                                                                      

Guru sakola agama teh jenenganana Pa Yusuf. Tos biasa nyarebat teh Pa Ustad. Anjeuna sering ngawurukan sangkan murangkalih getol nyiar elmu. Sering  oge nyarioskeun sajarah para Nabi sareng Rosul anu sumanget milari elmu.Saterasna umajak kana kasaéan.Ah, pokona mah upami Pa Ustad  nuju ngawulang, waktos téh asa sakedap pisan. Jiga harita, kelas meni jempling. Sadayana ngupingkeun Pa Ustad nuju nyarioskeun riwayat Nabi Idris. Saur Pa Ustad, Nabi Idris teh ti aalit rajin nyiar elmu. Nu ahirna Allah Subhanahu wata’ala masihan élmu pangaweruh anu linuhung  dugi ka dileler janten Rosul nu kapercanten ku umatna. Keur anteng nulis,ras ...inget, pan poe ieu teh geus jangjian  jeung babaturan balik sakola agama rék ulin sasapédahan. ”Dean,atos nyerat PR-na?” Pa Ustad nanya ka kuring. “Emmh...a...atos pa!,”jawab kuring rada ngarenjag. Katingali Pa Yusuf gumujeng nempo kuring nu semu reuwas. “Déan mah tos hoyong ameng sasapédahan Pa!” ceuk Ajid. Ih, sok tau!” kuring nyiku Ajid nu sura -seuri  gigireun. Teu kungsi saparapat jam,kabeh geus réngsé nulis PR. “Siap, berdo’a!”  sora kuring bedas mingpin babaturan sangkan samemeh balik ngadu’a heula. Geus biasa saméméh diajar atawa sanggeus diajar tara elat ngadu’a. saur Pa Ustad, du’a teh tandana urang handap asor  nyuhunkeun ka  Allah SWT sangkan élmuna mangfaat.

Balik sakola agama, leumpang rada rurusuhan muru imah. “Déan, jadi ulin sasapédahan téh?” Ajid  nanya kuring nu rurusuhan balik. “Jadi atuh... saha deui nu rék miluan?” kuring malik nanya. “Cenah Galih jeung Yudi ge rek miluan,” ceuk  Ajid. “Sampeuran atuh Jid, pan deukeut imah di dinya lin?” Meh resep ari lobaan mah!” ceuk kuring ka Ajid. Siap komandan !” Ajid ngangkat ramona ngahormat saregep pisan. “Heeuh...ari geus kitu téh!” kuring nahan piseurieun. Asa jadi jéndral  dihormat ku prajurit. Apaleun Ajid mah yén kuring boga cita-cita hayang jadi tentara.Matak sok teu weleh ngoconan ngahormat jiga ka komandan. “Assalamu’alaikum..., kuring uluk salam sanggeus nepi ka  hareupeun imah. Ragamang leungeun nyekel gagang panto imah, bray panto muka. “Wa’alaikumsalam...!”kakuping Ema ngawaler salam. Kuring muru kamar rék neundeun kantong sakola jeung ngaganti baju. Ngan sakoréléng, kuring geus aya di garasi gigireun rohangan tamu. “Kasep...geura emam heula...!” saur Ema nyauran ti palebah dapur. “Wareg kénéh, Ma...!” walon kuring alesan.Padahal mah hayang buru-buru ulin sasapédahan jeung babaturan. Baku Ema mah ari badé ameng  téh sok miwarang emam heula, kuring ngagerendeng bari tuluy ngaboséh sapédah muru tempat babaturan nu geus ngadagoan di deukeut gardu ronda. Kasampak babaturan keur ngadagoan. Aya nu diuk dina talupuh gardu ronda, aya ogé anu anjeucleu diuk dina jok sapédah. “Pasti disampeuran ku Ajid,”gerentes kuring . Hate ngarasa bungah kacida. “Rek kamana yeuh rute urang teh?” ceuk  Yudi tumanya. Ulah ka jalan Nagraklah, bosen! ” ceuk Galih. “Enya..., mapay jalan désa wé yu,resep nempo sawah jeung gunung!”ceuk Haris usul. “Enyalah,satuju!”ceuk kuring jeung Ajid mairan. Bring,kuring jeung babaturan muru jalan désa nu anyar keneh diaspal. Sanajan ngaspalna ipis, tapi lumayan dipaké sasapédahan teh rada ngageleser, ngan loba kénéh keusik sésa ngaspal. “Awas ,leueur... keusik euy !” ceuk Galih ngingetan. Sapédah rada jumarigjeg milihan jalan sangkan teu ngagéléng keusik. Kénca katuhueun jalan, katempo sawah upluk aplak. Paréna keur meujeuhna hejo ngemploh. Gunung  Pangrango katembong ti kaanggangan mapaes endahna pasawahan . “Eureun heula euy!” kuring ngerem sapedah pakem pisan. “Siap komandan!” walon Ajid. Nginum heula ah, komandanna  ge hanaang!” ceuk kuring  bari tuluy  nungtun sapedah ka sisi jalan. Tikoro karasa garing.Sanggeus neangan nu rada linduk,gek diuk dina luhur batu gede nu kabeneran teu jauh ti dinya.Regot kuring nginum meni ngalekik.”Méntalah, urang poho teu mawa cai!” Ceuk Yudi. “Yeuh!” kuring ngasongkeun botol cai ka Yudi. Rikat Yudi nampanan botol cai,lekik deui nginum,sarua katempona téh hanaangeun pisan.

Reureuh sakeudeung bari nyerangkeun éndahna pasawahan nu dipapaés ku jungkiringna Gunung Pangrango estu matak pogot nu ningali.Ras inget basa Pun Bapa jumeneng kénéh.Saur  Pun Bapa,urang kudu daék miara lingkungan supaya kaéndahanana karasa salilana tur teu mawa musibah.Ku kituna,gunung ulah tépi ka ruksak. Sajaba ti bakal ngakibatkeun longsor jeung banjir, ogé mun gunung teu dipulasara moal katempo éndahna. Katempona  gunung  masih éndah teh pasti kusabab tatangkalan dipiara, teu dituaran sahayuna.”Pasukan,berangkaaat...!” Kuring  ngaboseh deui sapedah bari niron-niron komandan pasukan ngagero prajuritna. Can ge jauh ngaboseh,karasa ban sapeda ngageleng batu rada  gede.Galéong...galéong...sreeet...gibeg...gibeg...sapédah karasa beuki jumarigjeg. Guprak!” kuring labuh bareng jeung sapedah . Tuur deku nahan awak supaya sirah teu tidagor kana aspal.”Aduuuh...!” kuring ngagorowok. “Awas Déan ati ati atuuh..!” hawar hawar kadenge babaturan tingcorowok ngingetin kuring. Kabeh ngeureunkeun sapédahna. Rikat kuring hudang dicekelan ku Galih nu geus nyampak gigireun. Sapedah dikasisikeun ku Ajid. Kuring deku bari nyekelan tuur nu karasa nyanyautan. Hadena téh teu parna ukur baréd saeutik. Enya tadi teh kuring rada ngalamun émut ka Pun Bapa nu tos teu aya dikieuna. Pan nuju can manjing sakola mah sok ngiring ka Pun Bapa  mapay jalan désa diboncéng dina sapédahna.Saatos Pun Bapa ngantunkeun, ku Ema duka dikamanakeun eta sapedah teh,da tos teu aya di garasi. Cai...mana  cai?” ceuk Yudi nanya ka babaturan nu sejen. Galih nyampeurkeun bari ngasongkeun botol cai ka kuring. Yeuh, nu abi we  eueut heula!”ceuk Galih jiga nu surti yen cai nu kuring geus beak diinum ku Yudi. Regot kuring nginum. Plong rarasaan jadi tenang deui tina kareuwas. “Duuh..., hanjakal  tadi teu bébéja heula  ka Ema rék ulin teh jadi wé labuh.”gerentes hate kuring.

Wanci beuki soré.Langit sabudeureun kuring nu asalna béngras mimiti haleungheum, totondén pihujaneun geus ngalanglangan .Geuningan beulah kulon mah langit teh  béngras kacida.Panon poé masih satia nyaangan sawaréh dunya. Clak...clak...,cai hujan karasa tiis maseuhan leungeun nu keur nyekelan sétang sapédah. Hujan euuy, ngiuhan heula yuu!” ceuk Galih bari muru émpér imahna nu kabeneran teu pati jauh. Saréréa muru imah Galih. Sapédah distandarkeun di émpér imah sangkan teu kahujanan. Beuki lila hujan teh beuki kerep maseuhan jalan.Kuring  jeung babaturan dariuk dina golodog imah Yadi, nungguan raatna hujan. Yudi asup ka imahna, cenah rék mawa betadine keur ngubaran tuur kuring nu lecet. Teu lila norojol deui mawa ples leutik. Song diasongkeun ka kuring. “Landongan heula Cep Déan lecetna!” kadenge sora indungna Yudi ti jero imah. “Muhun mangga!” témbal kuring bari las...las... tuur nu lecet  teh diolesan make bétadin.Thank You , Yud!” ceuk kuring bari mikeun deui ples bétadin ka Yudi. “Occééh...!” walon Yudi bari seuri. “Lah..., kudu aya roti atuh ngobrol basa inggris mah, tapi euweuh kétang aya ge seupan sampeu !”ceuk Yudi bari ngabarakatak. Mening  ge sampeu Yud, saur Ibu Guru oge kedah dibiasakeun ngonsumsi  kadaharan alami pikeun ngajaga kaséhatan, ulah kadaharan instan wae...!”ceuk Galih. Saenyana geuning, teu lila jol Emana Yudi ngasongkeun piring eusina seupan sampeu haneut kénéh pisan.Katempona téh bangun pulen dibalur ku kalapa parud. “Sok diareman seupan sampeuna Cep!” ceuk Emana Yudi. Kuring jeung babaturan gup -gap kana  seupan sampeu nu jiga ngagupayan. Keur mah ti imah can dahar,katurug turug nempo dahareun haneut keneh, atuh puguh we pogot dahar seupan sampeu teh.

“Ih,naha nya lebah kulon mah caang kénéh panonpoé téh!” ceuk Ajid bari ngahimel dahar seupan sampeu. Hujan kari girimisna. Panonpoe pasosore masih sumirat. “Hujan poyan euuy...nyiwit ceuli saeutik!” ceuk Ajid. Leungeun kencana nyekelan ceuli, sedengkeun leungeun katuhuna dipake ngahuapkeun seupan sampeu nu kari sapotong. “Ah,ceuk saha kudu nyiwit ceuli saeutik, rahul!” ceuk kuring teu percaya kana omongan Ajid.  Seupan sampeu nu sapiring metung teh ledis teu nyésa.Saenyana,mun di imah mah teu resep ieuh dahar seupan sampeu. Pedah we meureun ngadaharna jeung babaturan,resep nu aya. “Hey..., ituuu...!” curuk Yudi nunjuk ka lebah kulon.Panon kuring jeung babaturan  nuturkeun curuk Yudi. “Katumbiri...!” kuring jeung babaturan ngagorowok meh bareng. “Mantaplah!” Endah nya euuy...,panetean putri  téa nya!” ceuk Ajid. “Ah,éta  mah ceuk dongeng lin?” tembal kuring. Jadi kaingetan deui pangajaran IPA,rumasa... usum sasalad covid kieu ampir poho we kana pangajaran di sakola teh.Hujan masih girimis. Kuring neuteup warna warni katumbiri nu melengkung di langit beulah kulon. “Masya Allah...,endah pisan!” Saha nu terang ti mana asalna katumbiri?” Emana Yudi milu mairan tumanya ka kuring jeung babaturan. “Teranglah Ma..., cahaya panonpoé nu  dipuraykeun ku girimisna cai hujan!” ceuk Yudi ngajawab pananya Emana. Jempoool...!” ceuk Ajid bari ngacungkeun jempolna. Emana Yudi gumujeng ningal paningkah kuring jeung babaturan. “Tebak warna yuuu!” Ajid mencrong ka palebah katumbiri. Me..ji...ku...hi...bi...ni...u..., Ajid ngagerendeng sorangan bari panonna teu lesot neuteup katumbiri. Merah..., jingga...,kuning..., hijau..., biru..., nila..., ungu...! “ Yudi teu eleh geleng milu mairan.  Katumbiri jiga nu surti,milu ngebréhkeun rasa kabungah kuring jeung babaturan. Warna-warni  katumbiri mapaesan langit ciciptan Gusti. 

                                                                                               

                                                                   Sirung harepan, 10 November 2021

 


Komentar

POSTINGAN POPULER

OLEH-OLEH DARI NEGERI PANDA

MENGABADIKAN YANG FANA

SELAMAT PAGI ISTANBUL

HARI BUKU NASIONAL

HABIS GELAP TERBITLAH TERANG

JEJAK HISTORIS PANJALU

PESAN DINI HARI

PANDEMI COVID-19

SERENTAK BERGERAK,WUJUDKAN MERDEKA BELAJAR

NEGERI HARAPAN ITU INDONESIAKU