Sasalad di Pasantren


Pakanci salila dua minggu di lembur teh, keur kuring mah asa sakeudeung pisan.Tilu poé deui kudu indit ka pasantren. Malah ti poé kamari kénéh kuring geus tatahar nyiapkeun bawaeun.Enya, saha nu teu betah atuh cicing di lembur ngariung jeung indung bapa katut nu jadi adi. Komo boga adi téh ngan hiji hijina. Nya keur waktu pakanci pisan, bungah bisa kumpul jeung kulawarga.

Geus biasa keur santri mah mun rék ka pasantren teh sagala disiapkeun. Ti mimiti baju, kadaharan jeung nu séjénna.Pokona mah kumplit euweuh nu kaliwat.Baju jeung nu séjénna nu geus dientepkeun téh tuluy diasupkeun kana kantong gedé. Ngahaja sangkan teu kerentil loba bawaeun. Katempo ringkes bawaeun téh. Haté reugreug. Ema ngiring ngabantosan ngentepkeun babawaan dina kantong gedé bari dipariksa bisi aya nu tinggaleun. Pisapoeeun deui ka rek indit karasa aya wegah,tapi saur Ema sareng Bapa ari milari élmu teh jalan ka sawarga. Ngagedur deui sumanget téh. Komo basa nampa telepon ti Hani babaturan kuring, cenah rék indit ka pasantrén teh sarua poe isuk. Kitu deui babaturan nu séjén sarua rék indit dina poé nu geus ditangtukeun. Kapan aya nu sok ditambahan pakanci téh, rupa-rupa alesanana,aya nu keur nyaba kénéh ka dulurna atawa alesan séjén.

Isukna, kuring dianteurkeun ku Ema sareng Bapa ngajugjug ka pasantren. Ngahaja diuk teh dina jok tengah jeung adi kuring. Ema calik di payun nyarengan Bapa nu nyepeng setir. Bismillahitawakaltu’alalloh...,”saur Bapa bari teras ngahirupan mesin mobil. Kuring saréréa milu mairan ngadunga sangkan lalampahan berkah salamet.Mobil ngageleser mapay jalan gedé nu masih coréngcang ku patalimarga. Buhan isuk kénéh pisan indit téh ngahaja sangkan lancar di jalanna  dibarung hawa isuk nu masih seger matak tumaninah di perjalanan. Geulis..., kadé sing tuhu kana prokes...,”saur Ema bari socana anteng ningal jalan nu ngabulungbung. Naon Ma..., prokes teh ?” adi kuring tumanya. Protokol kesehatan atuh...walon kuring bari seuri. Oh... muhun dimasker,ngumbah ramo sareng jaga jarak téa nya Teh? "Terang atuh Dede oge pan sok dipiwarang ku Ibu Guru ngumbah panangan, teras nyanyi nami-nami ramo...,”ceuk adi kuring nu masih sakola di SD kelas hiji, mani capetang. Hebaat....saratuslah peunteuna kanggo Dédé!” ceuk kuring bari ngahahah seuri. Ema sareng Bapa nu calik di payun kakuping ngiring gumujeng. Asa teu karasa bari ngobrol mah waktu téh. Kira- kira dua jam lalampahan, mobil geus rék tepi kanu dituju.Katingal ti kaanggangan gapura mapaésan kompleks pasantrén.Katembong aksara maké Basa Indonésia. “Anda memasuki kompléks Pondok Pesantrén Nur Hidayah”. Beuki deukeut, éta aksara téh beuki atra. Kénca katuhueun gapura, pasawahan héjo ngémploh matak seger nu ningali.Teu lila mobil nepi ka hareupeun wangunan pasantrén. Reg, mobil dierem pakem pisan. Alhamdulillah...dugi geulis...,”saur Ema bari teras muka panto mobil disarengan ku Bapa.

Di luar katingali babaturan nu geus tiheula datang, tinggarupay ngabageakeun kuring. Tuluy tingtorojol nyampeurkeun kana palebah bagasi mobil. Bapa teras muka bagasi. Teu kudu dititah, babaturan gup gap mawaan barang tina bagasi mobil tuluy disimpen ka rohangan kamar.Sanggeus nitipkeun kuring ka Ustadah sarta nanda tangan daftar hadir,Bapa sareng Ema teras amitan bade mulih deui ka lembur. Kuring rada ngalimba rek ditinggalkeun téh. Cipanon ngembeng dina kongkolak panon. “Sing sobar milari elmu nya bageur, kadé kedah tumut kana piwuruk Ustadah di dieu nya!” saur Ema bari ngusapan sirah kuring. Kuring unggeuk bari tuluy nyium panangan Ema sareng Bapa. Dede uih heula...,dah Teteeeh...assalamu'alaikum!”ceuk adi kuring bari gugupay tina jero mobil. Wa'alaikumsalam...tembal kuring bari males panggupay nu jadi adi.Mobil diteuteup tepi ka lesna lebah pengkolan.

Babaturan sakamar téh aya duawelas  urang. Masing- masing nempatan dipan anu ditingkat. Pon kitu deui lomari pakéan disayagikeun. Saban poe aya pikét kabersihan rohangan. Atuh katempona téh beresih jeung rapih. Di tiap kamar aya Ustadah nu ngaping jeung nalingakeun kuring jeung babaturan salila di pasantrén.

Teu karasa geuning di pasantrén teh geus rék genep bulan. Ulangan semester geus lekasan. Ustadah ngumumkeun yén rék aya pasanggiri kaparigelan santri dina widang seni jeung widang nu séjénna. Kuring jeung babaturan mintonkeun rupa rupa kaparigelan boh seni drama, sajak, kaligrafi jeung olahraga. Nu pinunjul dibéré layang pangajén. Satutasna pasanggiri saban kelas, kagiatan disambung kana dauroh tahfid. Tiap santri nyetorkeun ayat Alqur’an anu geus kacangkem salila di pasantren. Aya nu nambah sajuz atawa leuwih, kumaha kamampuh masing-masing. Sukur alhamdulillah daurah tahfid tutas ogé sakumaha waktu nu geus ditangtukeun. Di antara sakabeh kagiatan, dauroh tahfid teh pangdianti -antina. Nu jadi sabab, mun nambah ayat bari lulus salian ti meunang layang pangajen, oge bisa nuluykeun ngapalkeun ayat saterusna.

Ray poé, sanggeus réngsé kagiatan, Meisya babaturan kuring katempo teu pati berag. Sihoréng awakna katarajang panas tiris. Ustadah buru-buru mawa Meisya ka Puskesmas. Mulih ti Puskesmas,Ustadah misahkeun kamarna di rohangan sejen. Atuh puguh we kuring jeung babaturan ngarasa helok. Ustadah..., naha Meisya dialihkeun kamarna?” ceuk kuring ngawanikeun maneh tumanya. “Untuk sementara dipisah dulu dan mulai hari ini semua harus semakin disiplin pakai masker!” saur Ustadah negeskeun ka kuring jeung babaturan. Enya, babaturan teh asal dumukna rupa-rupa malah aya nu ti luar Jawa Barat. Matak Ustadah sasauranana campur Basa Indonésia, basa persatuan.

“Semua kumpul berkelompok di Aula!” saur Ustadah nitah kuring jeung babaturan ka aula. Datang ka rohangan aula téh kasampak loba patugas médis. Sakabeh santri dicék antigén. Hasilna kudu ngadagoan sababaraha poé. Sanggeus kuring maca surat hasil cék antigén, teu sirikna hayang hing-hing ceurik. Geuning kuring teh positif katarajang covid. Kitu deui babaturan nu positif teh aya sababaraha urangna. Lolobana mah negatif hasil cek antigén téh. Kuring jeung babaturan nu positif covid dipisahkeun di rohangan nu rada anggang sangkan teu nular kanu séjén.

Bari rada ngadarégdég, kuring mencétan nomer hape nu dituju. Hape android teh invéntaris Pasantren paranti nelepon ka Ema sareng Bapa mun aya kaperluan penting. Teu lila kadéngé sora telepon téh nyambung. Barang kakuping soanten Ema, kuring hing waé ceurik geus poho dikaéra. Ema...kumaha Nisa..., positif covid Ma!” ceuk kuring bari cipanon murubut. Kakuping soanten Ema ngupahan kuring sangkan jembar hate sarta mapagahan ulah poho vitamin jeung madu nu dikirim ti lembur sangkan diinum saban poé. Salila karantina,tekanan darah, suhu awak, keteg jantung dipariksa ku tim médis. Tina hasil cék saban poé éta,cenah teu pikahariwangeun. Da saenyana ukur aya batuk sakeudeung. Matak asa teu nyangka bakal katarajang sasalad covid. Da rarasaan mah awak téh séhat. Ngan ukur aya capé satutasna kagiatan. Ceuk sawareh babaturan mah kusabab kacapéan jadi imun turun. Ah..., duka teuing, nu penting mah kuring jeung babaturan hayang cageur deui da asalna gé cageur. Kabéh bajoang silih sumangetan sangkan teu nguluwut salila karantina. Ustadah mah saena téh teu katarajang Covid, atuh tulatén pisan nalingakeun kaayaan kuring jeung babaturan.

Opat welas poé karantina geus dilakonan. Patugas médis mariksa deui kuring sakabéhna. Basa narima surat hasil cék antigén nu kadua,teu sirikna surak. Bari ngucap alhamdulillah haté guligah. Cageur geuning,hasilna negatif. Kitu deui babaturan kuring, kabeh geus séhat deui sabihari. Saréréa bungah.Sukuran ka Alloh Subhanahuwata’ala geus dijait tina cocoba alatan katarajang sasalad covid nu nepi ka kiwari masih ngaganggu ka sakabeh umat manusa. Leres kasauran Ema sangkan ulah pondok harepan dina nampa ujian sabab bakal lulus lamun urang sabar bari ihtiar.
Cag...!

❤Keur anaking jimat awaking muga sehat berkah salamet❤🤲🏼







Komentar

POSTINGAN POPULER

OLEH-OLEH DARI NEGERI PANDA

MENGABADIKAN YANG FANA

SELAMAT PAGI ISTANBUL

HARI BUKU NASIONAL

HABIS GELAP TERBITLAH TERANG

JEJAK HISTORIS PANJALU

PESAN DINI HARI

PANDEMI COVID-19

SERENTAK BERGERAK,WUJUDKAN MERDEKA BELAJAR

NEGERI HARAPAN ITU INDONESIAKU